Pileuleuyan
Ka anu sono ka Dadang Sadkar, anjangan http://dadangsadkar.wordpress.com/ . Blog nu ieu mah umurna kari saminggu deui. Minggu payun bade tutup. Pileuleuyan..
Ngeuyeuk Seureuh
Tatacara kawin di Sunda, keur nu nyekel keneh adat kadaerahan, piisukaneun kana poe pangantenan sok ngayakeun heula acara Ngeuyeuk Seureuh. Maksud jeung tujuanana nya eta mere kasempetan ka dua calon panganten pikeun neda widi ti sepuhna masing-masing bari sakalian nyuhunkeun restu disaksian ku sanak baraya dina suasana nu khusu tur hidmat. Salian ti eta, supaya kasaksian oge ku sanak baraya, yen dina pernikahan eta teu aya unsur-unsur paksaan ti pihak mana wae oge. Runtuyan-runtuyan adegan dina Ngeuyeuk Seureuh ieu mangrupa siloka anu saenyana mah ngandung harti nasehat keur calon panganten istri jeung calon panganten pameget.
Pajoang Sunda
Rea inohong Sunda nu milu bajoang ngupayakeun kamerdekaan Indonesia, kulantaran pedaran sajarah nu kurang lengkep, ku anak incu urang Indonesia ayeuna tara dianggap pahlawan. Nu jadi musababna, gaya perjoangan nu dipake ku para pajoang teh aya dua rupa, nya eta ku cara diplomasi jeung ku cara frontal. Ari sawatara pajoang urang Sunda sipat perjoanganana teh make cara diplomasi. Aranjeunna jaradi anggota Volksraad, tuluy merjoangkeun tungtutanana di dinya.