Ti Pangasuh:
Di antara pangarang-pangarang Sunda jaman baheula, aya hiji pangarang nu kaasup produktip. Jenenganana Juhana. Rea buku-buku nu dikarang ku anjeunna. Di antarana, buku anu judulna Carita Mugiri dicitak taun 1927. Hiji deui, buku Carios Agan Permas dicitak taun 1928.
Cutatan tina Carita Mugiri nyaritakeun Tuan Gulam Kadir, katurunan urang Arab nu pupujieun tur pikaseurieun. Ari cutatan tina Carios Agan Permas nyaritakeun Bapa Imba nu kokotetengan neangan Haji Serbanna, tuluy digambarkeun ku Juhana adegan basa Haji Serbanna katatamuan ku Bapa Imba nu datang rek ngahutang keur modal nyawah.
Aya deui buku nu judulna Dogdog Pangrewong karangan G.S, dikaluarkeun ku Bale Pustaka, taun 1930. Eusina kumpulan tujuh carita pondok. Ieu buku teh mangrupa buku kumpulan carita pindok nu munggaran di Indonesia. Di handap ieu dicutat 2 sempalan ti antarana. Nu hiji, sempalan tina carita pondok nu judulna “Soang”. Hiji deui, sempalan tina carita pondok nu judulna “Guguyon Dina Bulan Puasa”
Ieu kasanggakeun sempalan tina bacaan-bacaan lawas eta:

.
Keur gunem catur kitu, jol Tuan Gulam Kodir, nu sok biasa nyuksruk ka lembur-lembur, nyaksrak ka desa-desa, pagaweanana TTT (ceuk manehna mah). Tien Twaalf Terug. Sundana: sapuluh jadi dua belas. Ku lantaran kitu perhubunganana jeung urang lembur teh rapet pisan, jadi teu kaget deui lamun Tuan Gulam Kodir ngarti pisan kana basa Sunda, ngan lagam jeung letahna nu teu ceplos urang Sunda teh.
Tuan Gulam mindeng pisan datangna ka Bibi Sarni teh, da salawasna lamun Tuan Gulam datang ka Bibi Sarni, Bibi Sarni sok ulas-iles, da sieuneun ditagih, atawa sok ngolo, ngatur catur ngareka carita, sangkan hatena Tuan Gulam ngeunaheun. Turug-turug adatna Tuan Gulam teh sok resep diolo.
“Funten, funten!” Ceuk Tuan Gulam, bari bray mukakeun panto. Atuh Bibi Sarni teh teu kaburueun nyumput.
“Aeh, aeh, Uan, linggih Uan, lah ku asa geus heubeul teu kapanggih, sono lah, sono lah!” Ceuk Bibi Sarni. “Jeung naha deudeuleuan teh, Uan bet beuki beresih bae.”
Tuan Gulam tuluy asup, teu ngalaan sapatuna, gek diuk sila tumpang bari edeg, ngagigirkeun babawaanana, samping palekat, samping batik dibuntel ku jimpo nu geus lodro.
“Wah, cerita bae, cerita bae, Uan henteu resep etah, zaban datan cerita, zaban datan cerita.”
“Lah, suka bae ka Uan mah digelendeng oge, kuring mah gaduh nu model geura, Uan.”
“Model naon, Uan falay ningali.”
“ Enden, Enden!” Ceuk Bibi Sarni, nyalukan ka Neng Rakhmah, ngadak-ngadak budina hade jeung darehdeh.
Neng Rakhmah nyampeurkeun, panganggona lodro, rambutna kusut, tapi da alus dasar, teu burung bae sinarna tembong ngenclong.
“Tah ieu Uan, anak kuring ngan sahiji-hijina,” ceuk Bibi Sarni. “Geura tingali masing papakeanana kitu oge, lah, laah sinar mah teu leungit.”
Tuan Gulam ngareret ka Neng Rakhmah,ngan panonna bae nu katembong teh. Sanggeus neuteup tuluy seuri mani huntuna nyerengeh, bari ngagilir-gilir kerepus.
“Enya, Uan kersaeun mafarin artos unggal foe, asal kersaeun ka Uan.”
“Ibi, ulah kitu!” Ceuk Neng Rakhmah. “Kapan kuring teh aya nu gaduh.”




