Kawula Lemah Cai

29/11/2009

Tembang Sunda

Disimpen dina: Budaya — dadangsadkar @ 19:28

“Voila! C’est de la musique classique, crois tu?”

Mais oui, bien sur. De la bonne musique.”

Tembang Sunda mangrupa salasahiji kasenian urang Sunda nu geus ditarima ku masarakat dunya. Matak reueus. Dalah UNESCO wae, hiji lembaga dunya anu lain samanea, kungsi ngahaja ngadon ngulem pakempelan Tembang Bandungan ti Bandung, pingpinan Bapa Drs. Ubun Kubarsah, pikeun ngayakeun pagelaran repertoar “Pitaloka Putri Sunda” di Paris, Prancis, dina raraga mieling International Women’s Day di bulan Maret taun 2006. Dina eta pagelaran, dipidangkeun lagu-lagu dina rupa-rupa komposisi.

Salasahiji juru tembangna, Neneng Dinar, di antarana ngahaleuangkeun dua lagu “Citra Resmi” jeung “C’es Jolie”. Salian ti eta, dina kasempetan eta Tembang Bandungan oge nyuguhkeun komposisi “Symphony 41” ciptaan Mozart, sarta hiji komposisi sejenna hasil re-interpretasi Ubun Kubarsyah nu dijudulan “Dialog Imajiner”. Manahoreng Tembang Sunda oge bisa bae kolaborasi jeung warna musik sejen, kaasup make rumpaka dina basa Perancis.

Lain ngan ukur sakali dua kali Tembang Sunda minton di mancanagara teh. Meh unggal taun para panembang Sunda taya towongna ngalanglang buana nyumponan pangulem Panitia Festival Musik Tradisional, pangpangna di nagara-nagara Eropa. Contona bae Ida Widawati, Ajat Sudrajat, jeung Hery Suheryanto.

Hery Suheryanto kungsi ngadongengkeun lalakon di Eropah ka salasahiji aktipis seni. Nu didongengan ku Hery tuluy ngadongeng  deui ka kuring.  Cenah, basa pareng ngadongengkeun lalakon manggung taun 1999 di Norwegia jeung Swedia, Hery mah mani teu sirikna carinakdak bakat ku kagagas, emut kana pangbage anu sakitu pohara ti masyarakat urang Eropa. Di unggal kasempetan minton,    bule-bule teh tara henteu standing applause. Kaleprok bari ngaradeg. Ciri yen maranehna kacida katajina ku pintonan Tembang Sunda.

Hiji mangsa, ieu mah cek dongeng Ajat Sudrajat, inyana jeung Ida Widawati minton dina pagelaran Festival Musik Tradisional di Bologna, Italy, taun 2000. Di antara audien, aya salasaurang musisi urang Itali. Saenyana eta musisi teh boga panyakit jantung.  Ku lantaran hayang nyaho nu kumaha ari Tembang Sunda, manehna maksakeun ngaluuhan Festival, sabab ngarasa katarik ningali rombongan seniman Sunda dina Karnaval nu diayakeun poe kamarina. Sajeroning ngadengekeun tembang, manehna teu petot-petot ngalenyepan kalawan daria. Komo palebah petit mah. Rey, bijil kesang.  Ceuk manehna, upama ngadengekeun lagu jenis seriosa, dina sora tarik teh sok asa ngajelenging. Tapi naha ari ngadengekeun sora petit dina Tembang Sunda mah bet kalah ngarasa ayem. Bener-bener ieu mah musik jiwa, musik dewa, cenah. Poe isukna, rombongan seniman Sunda teh ngayakeun pagelaran tembang di kota Roma. Matak helok, eta musisi urang Italy nu kamari tea geus nyampak diuk di jajaran panghareupna. Salila pagelaran, manehna estuning ngalenyepan ti lagu ka lagu kalawan daria.  Satutas pagelaran, eta musisi teh nyampeurkeun sarta menta idin panitia pikeun ngajamu tuang rombongan para panembang. Ceuk pangakuna, panyakit jantungna cageur alatan kasugemaan batin ku ngadengekeun tembang Sunda. Enya, kitu? Tapi piraku manehna bohong.

Pangbage urang Eropa kana tembang Sunda estu pohara. Kaasup di Perancis.  Guneman saperti di awal tulisan ieu oge mangrupa sempalan gunem catur urang Perancis waktu keur ngaluuhan Pagelaran Tembang Sunda di Festival Musik Tradisional taun 2002 di Paris.

“Voila! C’est de la musique classique, crois tu?” ceuk nu saurang.

“Mais oui, bien sur. De la bonne musique,” tembal baturna.

Pihartieunana dina basa Sunda mah sok we tanyakeun ka nu bisaeun. Atawa, mun kabeneran uteuk rada encer mah tangtu bakal bisa neguh maksud paguneman eta tina hiji dua kecap nu mo karasa asing ku ceuli Sunda.

Bisana Tembang Sunda ngalanglang ka mancanagara teu leupas ti pangrojong inohong Sunda nu micinta budaya Sunda. Dina kabeneran mangku kalungguhan jadi pejabat, aranjeunna mukakeun lawang ka para seniman pikeun nanjeurkeun ajen budaya Sunda di lingkungan bangsa deungeun. Anu pangonjoyna dina upaya-upaya sarupa kitu, teu bisa dipungkir deui, moal aya nu bisa ngelehkeun inohong-inohong Bandung. Di mana perlu, aranjeunna mah tara ieuh owel ngodok tina saku pribadi keur mekelan urang seni. Ngan hanjakal, najan kitu sok aya wae ari hiji dua mah inohong nu kabeneran urang Sunda nu sok rajeun api lain, hare-hare. Ceuk aranjeunna, majar ngagugulukeun teuing kana kasundaan mah sarua we jeung ngagugulukeun primordialisme.

Di kalangan barudak ngora oge pangaresep kana seni tembang Sunda teh geus rea ditaringgalkeun. Ceuk salasaurang paniten kabudayaan Sunda, sok ngarasa sedih cenah lamun pareng  nyaksian saupama kabeneran aya pasanggiri tembang Sunda. Tina sakitu puluh ese anu nongton, ampir rata-rata kabeh oge ukur ti  entragan kolot wungkul. Ari barudak ngorana mah meh-mehan tara aya, ari lain panitia atawa sawatara patandang mah. Padahal, mun ditanya urusan musik, maranehna teh pasti arapal ari ka ngaran-ngaran Ariel Peterpan, Sheilla On Seven, atawa Madona jeung Britney Spear mah. Tapi can puguh nyahoeun ka ngaran-ngaran Otih Rostoyati, Ayi Satrianah Muhamad, Apung S.W atawa Didin Bajuri. Teungteuingeun. Kawas lain urang Sunda wae. Padahal, urang deungeun mah kapan sakitu ngajenanana kana seni Tembang Sunda teh. Mun ditengetan, nasib Tembang Sunda mah kaasup kana paribasa “Hujan emas di negeri orang, hujan batu di negeri sendiri”. Matakna, mun aya niat rek micinta lemah cai, nya ayeuna pisan waktuna urang baralik deui ka jati diri pituin. Prak dialajar nembang. Tembang Sunda? why not.

Dadang Sadkar.

No Comments Yet »

Can aya pairan.

Dulang RSS pikeun pairan dina ieu tulisan. RaratMalik URI

Béré pairan

Blog di WordPress.com.