Luncat kana eusi

Sajak Pondok

Puisi

.

CHANGI

.

Sepi nu ngageugeuh sakujuring diri

pageuh muntang di antara sora-sora nu pagaliwota

dunya nu hurung-herang

juringkangna ngan mangrupa leuweung aheng.

.

Pikeun ka sabaraha kalina kuring ngajanteng di dieu

neuteup cai mancur nu mencrang ku lampu gumebyar

sabot ngadago waktu nu beuki nampeu

kana mangsa mulang.

Changi airport, 1985.

.

SURAT   KEUR   LI AI TI

.

Najan ngan sajorelat,

poe-poe nu karandapan geus ngalantarankeun kuring tibelat

ka ieu nagri

padumukan nu ngambang luhureun cai.

.

Basa tepung munggaran kuring nanya:

wo ke yi cetauw ni te mingce ma?

anjeun imut bari ngawalon: wo se Li Ai Ti

(emh, iraha urang bisa tepung deui).

.

Hongkong nu linyok tur teu satia

ku kuring dihampura

demi anjeun nu nawarkeun saranggeuy cinta

nu masih nyesa.

1984.

.

WILUJENG ENJING

.

Reumis panungtung nu muntang na beungeut daun

murag kaendag angin janari

ngoyagkeun kakaren carita peuting tadi

.

Wilujeng enjing, wanci

mun rek ngasruk

teang guareun isuk

sabab poe ieu salawasna bakal jadi kamari.

Garut, 1990.

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.